RÉK KAMANA ANJEUN
Hiliwir angin kiwari beuki tarik
Paripolah jauh tina papagon kasundaan
Panon poé nu nyingray kiwari geus panas
Nyahéngkeun haté, pikiran, sangkan jadi goréng
Tuh gunung nu baheula niiskeun pikiran
Ayeuna ruksak jadi pamikiran
Tuh leuweung nu baheula ngocorkeun cai
Ayeuna béak dikocorkeun kapentingan
Kiwari poho kana pangawakanna
Kiwari ingkar kana jangji nu munggaran
Cai laut nu biru
lila-lila jadi konéng kacampur cai katumbiri pabrik
Basisir jadi asri pinuh ku barangkal pelastik
Sakola teu nyakolakeun deui
Imah teu ngimahan deui
Rék kamana anjeun ?
Tidak ada komentar: