Lokatmala
HALEUANG LOKATMALA
Yeuh anjeun kamana
Naék beus kota Pangandaran-Bandung
Yeuh anjeun kunaon
Nyieun haté kuring kaduhung
Naha bet rék pasalia
Kuring jeung anjeun papisah deui
Naha bet rék pajauh huma
Kuring jeung anjeun teu tepung deui
Ciamis mojangna manis
Ciamis manis dirasa, manis dicinta
Ciamis mojangna geulis
Ciamis manis dirasa, manis dicinta
Bari naék véspa ngudag manéhna
Ngedalkeun rasa, rasa katrésna
Ka manéhna, ka manéhna
Anu dipuja anu didama-dama
Awak enggeus lungse
Haté enggeus capé
Lain capé lumpat, lain capé futsal
Capé ngadorong véspa banna bitu kacugak paku
Tapi Sanajan kitu, kuring moal ngarajul nafsu
Sangkan cinta ka manéhna
Da anjeun léléngohan
Bakal mindeng dianjangan
Hey
ciamis kuring menta mojang geulis anu dicinta
Lokatmala
Tidak ada komentar: