21.24


SUMBANG

Srangéngé hudang tina suhunan gedong
Dangdaunan béak ku hileud bulu
Ciibun lalaunan mapay na kenténg
Maseuhan témbok di tepas imah

Isukna tatangkalan dibabad ku duit
Kabeurangnakeun matapoé mentrang
Alatan kasirep ku kaca imah

Wanci pasosoré hiliwir angin tiis mawa panyakit
Langit semu poék di jero gang
Kuring nangtung
Pucunghul cahaya palita nyaangan sabudeuran kota
Bulan sapasi ceurik ngéléhan
Kiwari ukur tinggal laguna.

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.