Surupan

21.54


SURUPAN

Rajah pamuka maturan tengah peuting
Kasang carita dibuka ku juru pantun
Matak éndah tur genah kumalayang

Saléndro lalaunan nyucruk kacapi
Kadéngé ngahaleuang numbuk kana surupan
Tuluy ninggang kana wirahma
Dipirig ku waditra celempung.


Matak éndah tur genah kana ceuli
Teu lila dipedar lalakon
Nyingkabkeun runtuyan carita
Nu teu kacaritakeun ku jalma kiwari.

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.