Peuting Simpe

21.34


PEUTING SIMPÉ

Peuting nu ngahariring
Saucap basa kedal tina lamunan.
Nanging angin maturan peuting nu simpé
Simpé ku kabeungharan dunya.

Sakur nyeleksek tiis nyimbutan.
Sarupaning sato ngapung ngahieng deukeut ceuli
kabéh mentingkeun beuteung.
Nepi ka poho kana pangawakan sorangan

Kuring sono kahirupan budak
Ulin babarengan nepi ka poho waktu
Kiwari geus sirep euweuh nu maturan
Kuring éléh nyanghareupan kahirupan

Euweuh pamuntangan asih ti kembang eros nu bodas.
Euweuh pangbalikan nu matak ngawaaskeun panon.

Sapanjang jalan léngkah beuki beurat
Hirup ku hirupna, leumpang weuh baturna.
Beuki tiis karasa angin ngolébat.
Peuting nu simpé .

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.