Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya nyieun Kapal Udara

04.18


PENULISAN KREATIF

Kacaritakeun Sakadang Kuya keur moyan di sisi leuwi, teu lila torojol sobatna nya éta Sakadang Monyét.
“Sakadang Kuya, Sakadang Kuya!”. Tembal  Sakadang Monyét ngageroan.
“Kuk, aya naon?”, Tembal Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya, ker naon manéh?”
“Kuk, nya keur cicing wé bari moyan, ngadagoan lauk nu nyangut.”
“Balaga heuh, meni nguseup sagala, kawas jalma waé” tembal Sakadang Monyét.
“Ari kitu ulah, déwék ngala lauk make useup?”
“Lain kitu, teu guyub wé sabangsa kuya kudu nguseup sagala” tembal Sakadang Monyét
Teu lila ngageleber hiber manuk piit na tangkal, saharitaeun Sakadang Monyét ngalamun bari nempo kaluhur,
“Sakadang Monyét kunaon manéh? bet ngalamun sagala, kawas parawan”. tembal Sakadang Kuya
“Edun, bet rék iraha nya kuring boga jangjang kawas si piit, sigana genah mun boga mah, hayang néang dahareun tinggal ngapung, sabari ulin deuih ngurilingan nagri batur”.
“Gampang atuh hayang ngapung mah nyét,” tembal Sakadang Kuya
“Gampang kumaha Sakadang Kuya?” tembal Sakadang Monyét
“Kan ayeuna mah, aya kapal udara Sakadang Monyét”.
“Enya apal ari kitu na mah Sakadang Kuya, apanan urang mah sato, jaba kudu maké duit naék nu kitu mah, jeung kudu boga heula Paspor”. Tembal Sakadang Monyét.
“Pinter gening ayeuna mah manéh téh Sakadang Monyét, teu kawas nu katukang katukang rada teleb, béak ditipu ku kuring!” tembal Sakadang Kuya
“Euh, ari geus nyindiran téh meuni béakkeun manéh mah, apanan kuring mah ayeuna geus pinter lantaran rada bisa maca buku saeutik-saeutik, sésa pincuk bala-bala”. Tembal Sakadang Monyét.
“Kuk, gening ayeuna mah sok maca buku ogé, tapi sakadang monyét saapal urang mah pincuk bala-bala mah lain kurut buku, biasana kurut Koran”. Tembal Sakadang Kuya.
“Mémangna Sakadang Kuya hungkul nu hayang maju téh, kuring gé hayang atuh, méh teu ditipuan waé, enya sarua waé dijieun tina kertas.” Tembal Sakadang Monyét.
“Kuk, enya atuh ari kitu mah alus Sakadang Monyét mun hayang maju mah kudu aya usaha, ngan omat ulah nepi ka poho kana pangawakan sorangan”. Tembal Sakadang Kuya
“Poho kana pangawakan sorangan kumaha Sakadang Kuya?”. Tembal Sakadang Monyét.
“Heueuh, ulah nurutan laku lampah kawas jalma kiwari, lamun geus luhur elmu na téh asa aing pangpinterna, teu maliré ka nu dihandap masing gegero ogé”. Tembal Sakadang Kuya.
“Moal mereun sigana kuring mah, ngan sakur menta dibéré leuweung nu lastari wé ka Gusti mah, sakitu gé geus atoh kacida kuring mah “. Tembal Sakadang Monyét.
“Sukur, ari boga pamadegan kitu mah Sakadang Monyét, ngan kabéh gé geus pada apal nu sok ngaruksak mah lain Gusti gening, tapi manusa”. Tembal Sakadang Kuya.
“Heueuh ari kitu na mah Sakadang Kuya, kalobaan manusa mah sarakah siga beurit, kuring waé sato ngarti ka nu ngajaga leuweung mah. Kumaha atuh uing Kuya, hayang bisa ngapung, kumaha carana?” tembal Sakadang Monyét.
“Gampang masalah ngapung mah, urang turutan wé cara adi lanceuk Wright urang Amerika téa”. Tembal Sakadang Kuya.
“Ké heula, saha éta Wright adi lanceuk urang Amerika téh?”. Tembal Sakadang Monyét.
“Mangkana kudu loba maca buku, méh teu katinggaleun ku batur Monyét, manéh na dua jelema nu mimiti bisa nyiptakeun kapal udara di dunya keur jaman taun 1903, harita maranéh na nyieun kapal teu kungsi make mesin, tapi samodél paralayang nu ayeuna, hampir sarua pisan kawas Monyét kahayangna, kumaha cara na méh bisa ngapung kawas manuk”. Tembal Sakadang Kuya.
“Apal pisan Sakadang Kuya gening kanu sajarah, hayu atuh urang nyieun kapal udara samodél kitu Kuya, tapi ulah siga kapal ayeuna make mesin, sieun cilaka, nu babari wé siga langlayangan tapi rada gedé. Sugan wé urang duaan bisa kawas adi lanceuk Wright di sabansaning sasatoan”. Tembal Sakadang Monyét.
“Kuk, heug atuh ari kitu mah Sakadang Monyét, isuk urang digawéan, peutingna kuring rék nuliskeun heula naon waé nu dibutuhkeun keur nyieun kapal udara téa”. Tembal Sakadang Kuya bari menerkeun useup tuluy balik ka imahna.
Ti harita Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét alakur teu paséa deui, maranéhna silih ngiket jangji pikeun ngawujudkeun naon nu rék digarap isukna. Rebun-rebun kénéh Sakadang Monyét geus jejeritan bari tétérékél na tangkal hiji ka nu tangkal séjén na, mun aya kahayang téh Sakadang Monyét mah sok sumanget jeung kudu pok torolong, teu lila manéh na gegero ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya, Sakadang Kuya” bari ngetrokan cangkang na.
Teu lila sakadang Kuya ngelok na cangkangna bari pok ngomong
“Eh Sakadang Monyét, Kuk, isuk kenéh geus nyampeur”. Tembal Sakadang Kuya
“Gewat atuh, arékan moal nyieun kapal udara téh? Sok geuwat naon waé nu dibutuhkeun keur nyieun kapal?” tembal Sakadang Monyét.
“Enya, yeuh atuh, ku Sakadang Monyét pangnéangankeun awi opat leunjeur nu kolot tapi ulah kolot teuing, rada meujeuh keur diala, apal lin?”. Tembal Sakadang Kuya.
“Ngan sakitu? Atuh gampang ngala awi sakitu mah” tembal Sakadang Monyét
“Acan, loba kénéh, téangan heula wé nu tadi di titah ku kuring” tembal Sakadang Kuya
“Heug atuh, dagoan” tembal sakadang Monyét
Teu lila manéhna torojol datang mawa awi opat leunjeur
“Tah, awi na Sakadang Kuya” tembal sakadang Monyét
“Téréh ogé gening, biasana sok rada lila ari ka nu dititah mah, tah ayeuna kumaha carana téangan bahan samodél kaén keur tutup luhurna”.
“Ulah loba carita, rék téréh atawa lila urusan kami, kumaha carana sangkan ieu kapal udara gancang bérés, kuring indit heula”. Tembal Sakadang Monyét.
Sakadang Kuya, nyéréngéh imut, bari ngomong na haténa, “Ari Sakadang Monyét mulai kaluar sipat aslina, mun geus aya kahayang téh kudu pok torolong baé”.
“Jig, atuh gancang Sakadang Monyét geura néangan kaén keur ampar luhurna!”. Tembal Sakadang Kuya.
Sabot Sakadang Monyét néangan kaén, Sakadang Kuya nyieun rangka kapal, geus puputeran tilu balikan ka lembur, Sakadang Monyét teu manggih kaén waé, manéh na teu pegat harepan bari muterkeun hulu, kumaha sangkan meunang kaén, tungtung na mah, manéh na nempo aya karung urut nu rada alus keneh deukeut saung Pa Tani, manéh na boga pikiran, bari ngagerentes na hate “Urang ganti waé ulah ku kaén, tapi ku karung, mereun sarua kuat na kawas kaén”. Tuluy dibawa ku manéh na éta karung téh ka Sakadang Kuya.
“Tah Sakadang Kuya,”bari dialungkeun, tembal Sakadang Monyét.
“Naon ieu Sakadang Monyét? Naha kalah mawa karung titah na ge kaén lin?”. Tembal Sakadang Kuya.
“Lieur atuh da Sakadang Kuya, kuring geus ngurilingan lembur teu manggih kaén kurut, piraku kuring kudu maok pakéan na popoéan, teu wantun pisan komo pakéan nu si Nini mah, daripada teu beubeunangan pisan, geus wé dibawa ieu karung di saung Pa Tani, keur ngagantina”. Tembal Sakadang Monyét.
“Kuk, heug atuh alus Sakadang Monyét sakieu ogé manéh bisa hasil, diuk heula wé ayeuna mah bari ngarereuhkeun kacapé”. Tembal Sakadang Kuya.
Kabeneran rangka kapal téh geus ngabentuk siga kapal bener, kari ditutupan dadampar luhurna ku karung, sabot Sakadang Kuya keur nganyam karung torojol Sakadang Munding nyampeurkeun, bari pok ngomong. “Mo, mo, keur naraon manéh téh, tatadi ditempo ku kuring kawas nu gélo pulang anting mamawa awi, tuluy ayeuna mawa karung?”.
“Ah biasa Sakadang Munding, keur nyieun kapal, rék mantuan sugan?”. Tembal Sakadang Kuya
Bari seuri ditahan Sakadang Munding ngomong. “Teu salah déngé sugan kami, pok na rék nyieun kapal? Sugan garélo manéh téh?”. Bari seuri beuki tarik.
“Naon manéh Sakadang Munding, wani-wani nyebut kami gélo, mun moal mantuan kami mah, montong ngaganggu atawa ngahina kami”. Tembal Sakadang Monyét bari rada naék sorana.
“Heup, heup geus rarépéh, jug geura indit Sakadang Munding ka sawah bisi di téangan Pa Tani”. Tembal Sakadang Kuya.
“Arék ieu gé, bari na gé mening indit ka sawah, puguh-puguh meunang kadaharan, daripada mantuan nu garélo can tangtu pihasileun mah”. Tembal Sakadang Munding.
“Manéh wani-wani ngomong gelo deui ka kaula Sakadang Munding?” tembal Sakadang Monyét.
Teu lila Sakadang Munding indit ninggalkeun Sakadang Kuya jeung sakadang Monyét. Sakadang Kuya nyampeurkeun Sakadang Monyét bari pok ngomong “Enggeus éra, éta mah sirik wé pédah manéh na teu bisa kawas urang duaan”.
“Yeuh, keun baé disebut nu gélo ku nu teu cageur mah, baheula gé jalma-jalma nu palinter disebut gélo ku masarakat, contona Einsten, Thomas Edison, nepi ka adi lanceuk Wright, tuluy Galileo disebut gélo pédah ngomong yén dunya téh buleud. Ari geus kabuktian boga karya mah teu pada maliré kana hasil karyana”. Tembal Sakadang Kuya.
“Oh kitu, enya atuh ari kitu mah Sakadang Kuya, ayeuna kuring moal kapangaruhan kunu ngomong tukangeun, da nu ngomong tukangeun mah hitut”. Tembal Sakadang Monyét.
Sakadang Kuya seuri bari imut, tuluy maranéh na nuluykeun pagawéan nu can anggeus tadi. Teu kungsi lila bérés ogé éta kapal udara téh. Pok ngomong Sakadang Monyét “Sakadang Kuya, bérés ogé gening, ayeuna mah katénjo siga kapal téh”.
“Heueuh, Sakadang Monyét beres ogé”. Tembal Sakadang Kuya.
“Tuluy geus kieu rék kumaha? Iraha diapungkeunna?”. Tembal Sakadang Monyét
“Isuk wé, da ayeuna mah moal kaburu lantaran geus sareupna, bari na gé kudu naék kaluhur gunung heula Sakadang Monyét, jeung kabeneran keur gedé angin, jadi bisa ngapung”. Tembal Sakadang Kuya.
Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya baralik ka imah na masing-masing, kapal digotong ku duaan, tuluy ditunda handapeun tangkal awi. Srangéngé hudang tina pasaréanna, lalaunan meulah gunung jadi dua nu katojo ku manéhna. Sakadang Kuya hudang rada isuk caritana rék nyieun heula helm keur engké soré dipaké ngapung bari mereskeun dadampar keur diukna.
Ti kajauhan kadéngé sora Sakadang Monyét  jejeritan, semu aroyag tatangkalan. Teu lila torojol Sakadang Monyét bari cupak capek kiripik Ma icih, “Seuhah, Lata, lata” kadéngé gerenyem sorana. Pok ngomong Sakadang Kuya “Eh, Sakadang Monyét, barang hakan naon meuni seuhah kitu? Padahal isuk kenéh”.
“Manéh hayang Sakadang Kuya kiripik Ma Icih lepel 10?” tembal Sakadang Monyét
“Ah, embung pék wé hakan sorangan, matak panyakit ngalebok kitu patut mah”. Tembal Sakadang Kuya.
“Bari na gé moal dibéré, rék dibeakuen ku sorangan, kumaha, rék iraha mangkat ka luhur gunung téh?” tembal Sakadang Monyét.
“Hayu ayeuna, cobaan heula tah helm jieunan kuring, méh siga pilot beneran”. Tembal Sakadang Kuya.
“Hehe, meni pas pisan jeung hulu kuring”. Tembal Sakadang Monyét.
“Saha atuh nu nyieunna, hayu geura gotong kapal na urang ka tonggoh luhureun gunung” tembal Sakadang Kuya.
Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét ngincig ka luhur gunung bari dudad dédod mamawa kapal, ti kajauhan Sakadang Munding nyeungseurikeun, katempo ku Sakadang Monyét tapi teu dipaliré. Selang teu lila, maranéh na nepi ogé ka luhur gunung Galunggung, bari ha hé ho bakating ku cape. Maranéh reuereuh heula bari ngadagoan pasosoré, biasana angina na rada gedé mun ti sore mah.
Panon poé geus rada haneut rék teuleum ka sagara, ti dinya Sakadang Kuya nitah ka Sakadang Monyét nyiapkeun kapal jeung perlengkepan na, dua nana maraké helm, tuluy dariuk na kapal siap siap ngadagoan angin nu ngahiliwir tarik sisieun gawir gunung. Nu cicing dihareup nya éta Sakadang Monyét, lantaran manéh na rada parigel, teu pati lila ngagebos angin rada tarik. Tuluy Sakadang Kuya maréntah ka Sakadang Monyét lumpat ka gawir, diturutkeun ku sakadang Monyét bari rada sieun da meuni jangkung pisan. Tungtung na mah ngapung ogé kapal jieunan Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh, katempo atoh pisan Sakadang Monyét lantaran manéh na bisa ngapung kawas manuk bari ngurilingan lembur jeung leuweung. Ti handap Sakadang Munding molohok nempo Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét bisa ngapung. Rada lila nagapung, Sakadang Kuya ngambeu bau hitut, tuluy pok ngomong “Sakadang Monyét, manéh hitut?”. Sakadang Monyét ngajawab “Heueuh, hampura Sakadang Kuya, teu kahaja, ieu beuteung asa murilit hayang miceun”.
“Atuh da ceuk kami ogé, ulah ngahakan kadaharan jelema komo dahar kiripik lada lepel 10 mah iih garila, manéh mah tara nurutkeun omongan dewek”. Tembal Sakadang Kuya.
“Heueuh, hanjakal teu nurutkeun omongan manéh Sakadang Kuya, Sakadang Kuya beuteung kuring beuki murilit tulungan, teu kuat hayang miceun”. Tembal Sakadang Monyét
“Kéla-kéla ulah waka, manéh nyangigir heula ka béh kénca bisi keuna ka déwék”. Tembal Sakadang Kuya.
“Enggeus ka kénca Sakadang Kuya, tuluy kumaha?”. Tembal Sakadang Monyét.
“Naha ari silaing bet kumaha sok purucutkeun ka handap”. Tembal Sakadang Kuya.
Disensor, ti dinya Sakadang Monyét ngaluarkeun panyakitna, teu kanyahoan ti béh handap aya Sakadang Munding keur nempo Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya diluhur nu ngapung, manéh na nempo aya nu ngalayang diluhur, teu lila nu ngalayang éta pas pisan kanu beungeut éta Sakadang Munding.
“Cepluk, Cepluk, “ kadéngé sorana.
Tuluy Sakadang Munding ngagidigkeun sirahna bari ngahuleng tur ngagerentes na haté “Awas siah Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya, mun turun ku aing rék di pangmeulikeun boéh jeung kembangna, bongan modolan kuring”.
Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya teu lila meunang penghargaan ti MURI lantaran sato nu ngan hiji-hiji na nu bisa nyieun kapal jeung ngapungkeunna, nepi ka kiwari kajadian ieu ngan aya di tatar Sunda nu matak ngageunjleungkeun dunya jeung akherat teu kaliwat ogé nu nulis reuwas pisan.
Bersambung ……..

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.