GUNUNG BROMO

03.31

Dicaritakeun di hiji lembur aya hiji Raja Majapahit nu ninggalkeun karajaanna sabab eléh perang ngalawan budakna sorangan. Raja jeung Permaisuri ngungsi ka Gunung Bromo, tuluy ngawangun imah nu bakal di cicingan ku maranéhna. Teu lila cicing didinya Permaisuri babar ngalahirkeun budak nu kaduana, budak nu dilahirkeunna teh budak awéwé. Aya kaanéhan ti éta budak, nu biasana mah budak karak borojol téh sok ceurik  naha budak ieu mah henteu, kusabab kitu Raja jeung Permaisuri méré ngaran Roro Anteng.
Teu jauh ti tempat éta, aya hiji imah nu dieusian ku salaki jeung pamajikanna. Salakina téh Brahmana, dina waktu nu bareng pamajikanna ngalahirkeun budak lalaki, budak éta ceurik tarik nepi kadéngé ku sakabéh lembur, kusabab kitu budak éta diaranan Joko Seger nu hartina lalaki nu ngabogaan awak alus. Geus sababaraha taun Roro Anteng jeung Joko Seger geus badag, Roro Anteng ngawujud jadi awéwé nu geulis, Joko Seger jadi pamuda kasep jeung tanginas.
Kusabab kageulisan Roro Anteng loba lalaki nu ngadon daratang ngahajakeun ka imahna pada hayang nanyaan narik kawin, teu kaliwat ogé ngahudangkeun salah sahiji buta nu nyicingan leuweung Gunung Bromo nu ngarana Kyai Bima. Kyai Bima nepungan Roro Anteng pikeun nanyaan rék dijadikeun pamajikanna, Roro Anteng jeung kulawargana reuwaseun kadatangan Bima, mun teu ditarima lamaranna kasieunan bakal aya picilakaeun di lemburna ku Kyai Bima. Roro Anteng mikir beurang peuting  sangkan manéhna teu jadi kawin jeung Bima. Roro Anteng menta sarat ka Bima titah pangnyieunkeun Situ di luhur Gunung Bromo, dina waktu ngan sapeuting nepi ka sora hayam kadéngé. Bima nyanggupan éta sarat ti Roro Anteng, tuluy bima indit ka Gunung Bromo ngagawéan paréntah Roro Anteng maké batok kalapa anu gede keur ngeruk eta Gunung.
Singhoréng pamadeg Roro Anteng téh salah, Roro Anteng reuwas nempo Kyai Bima bisa ngagawéan éta sarat ku waktu nu sakeudeung, Roro Anteng nyieun deui siasat nyaéta ngahudangkeun warga salembur nitah wanoja nutu paré dina lisung, mun lalaki titah ngadurukan jarami di belah wétan sangkan méh katempo siga panon poé isuk-isuk nepi ka ngahudangkeun hayam disarada ting kongkorongok. Kyai Bima ngamuk sangkaan na panon poé geus datang padahal pagawéanna can anggeus , manéh na tuluy indit, batok kalapa nu dicekelna dialungkeun nepi ka nangkub dinu taneuh, batok kalapa éta robah jadi gunung nu ngarana Gunung Batok, jalan nu diliwatan ku Kyai Bima robah jadi walungan, liang nu can anggeus robah jadi kawah.
Sa prak kajadian harita Roro Anteng jeung Joko Seger bungah kacida, teu lila maranéhna laki rabi bari nyieun hiji lembur anyar nu diaranan Tengger, ngaran éta dicokot tina ngaran Roro Anteng jeung Joko Seger . sanggeus mang taun-taun laki rabi, maranéhna teu dipaparin turunan (teu boga budak). Joko Seger ngedalkeun sumpah yén mun manéhna dipaparin 25 budak, salah sahiji ti budakna rék diwadalkeun keur sasajén di kawah Gunung Bromo. Kila-kila yén do’a maranéhna diijabah ku Dewa, nepi ka ngabogaan budak 25. Wanci harita Joko Seger poho kana janji nu pernah dikedalkeunna, Joko seger dibéré paringatan ti Dewa sangkan manéhna ngalaksanakeun janjina baheula. Tuluy Joko Seger ngariungkeun budak-budakna dina hiji pasamoan kaluarga. Joko Seger ngajéntrékeun ka budak-budakna janji manéhna baheula ka Dewa, saenggeus ngadéngé carita bapakna, budak-budakna pada arembungeun lamun dijadikeun tumbal keur sasajén di kawah Gunung Bromo, iwal si Jaya Kusuma budak bungsu nu daekeun dijadikeun tumbal pikeun sasajén di kawah Gunung Bromo.
Saméméh anclub ka éta gunung, si Jaya Kusuma nepikeun janjina ka masarakat Tengger, ”kaula rék neuleumkeun manéh ka jero kawah pikeun katengtreman masarakat Tengger, tapi omat dina waktu ka 14 bulan Kasadha kaula ménta hasil tatanén”, kedal Jaya Kusuma. Saeunggeus ngedalkeun kitu Jaya Kusuma neuleumkeun manéh na ka kawah Gunung Bromo, eweh kasieun tina tembong beungeut na.
Keur pangéling kajadian harita masarakat Tengger ngalakukeun paréntah sakumaha nu di paréntahkeun ku Jaya Kesuma, nyaéta nyadiaan salaku hasil tatanén dina tanggal ka 14 bulan Kasadha.tug nepi ka kiwari masih kénéh dilakukeun ku masarakat Tengger, kalayan ngajadi tradisi nu di béré ngaran tradisi Kasadha.

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.